blaty

Senin, 24 Oktober 2011

Sajak sunda

Rasa nu Ayeuna Aya Citak Ditulis ku Toni Sofyan Kemis, 23 Nopember 2006 Dina hate leutik aya rasa hayang midua tapi karunya ka simanehna dina hate leutik kuring geus niat salingkuh tapi watir ninggali dirina naha anjeun masih sok nganjang mawa ridu ku pangabutuh kuring teu tega pan anjeun oge kungsi jadi eusi ieu hate sakapeung sok bingung lamun anjeun datang kadang sok mawa kamelang matak nguruykeun hate kuring pan anjeun kungsi nganyenyeri pan anjeun kungsi nurihkeun hinis na hate kuring ayeuna anjeun geus lain-laina sanajan ngaran anjeun can leungit na ieu hate sanajan teu ngaku pan anjeun teh geus boga nu anyar kitu oge kuring geus boga ganti anjeun tapi naha anjeun datang wae ngaguar rasa nu baheula aya kuring moal rek percaya kana sagala omongan anjeun raheut hate kuring oge can bisa kaubaran kuring rek diajar satia kasimanehna tong maksa kuring jadi sulaya Toni Sofian [Cibitung, February 06, 2004]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar